Antara Asih jeung Adil
Antara Asih jeung Adil
Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa, hayang maot babarengan Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira baris kaidinan ménta dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan téa, tiluanana gé kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna nu maraot. Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah kabéh dihirupkeun. Tapi Dewa ngan méré kasempetan hiji baé ti antara Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. Sanggeus lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna ménta Nakula nu dihirupkeun deui téh. Déwa pohara héraneunana. Naha bet henteu Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu disiapkeun pikeun neruskeun kaprabon. Arjuna téh apan pangéran dipati. Walon Yudistira, “Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabéh. Ari putra Ibu Madrim paraéh kabéh. Éta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana éta kateuadilan tada teuing kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada kapapaténan ku anakna hiji séwang. Éta adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah téh henteu kaci ngalindih kaadilan.” Déwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira anu sakitu adilna. Pikeun ganjaranana, dulurna anu tiluan dihirupkeun deui.
Komentar
Posting Komentar