Paribasa
Paribasa
1. Adat kakurung ku iga = adat atawa kalakuan goréng sok hésé dirobahna.
2. Agul ku payung butut = agul ku turunan atawa kulawarga sorangan.
3. Asa mobok manggih gorowong = boga kahayang ari pék aya nu nyumponan atawa aya nu méré jalan bari teu disangka-sangka.
4. Aya cukang komo meuntas = aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang.
5. Banda tatalang raga = harta téh pikeun nulungan raga (awak).
6. Batok bulu eusi madu = katénjo luarna (awakna) siga nu goréng padahal jerona (haténa) alus.
7. Bengkung bekas nyalahan = robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goréng. 8. Bentik curuk balas nunjuk = resep nitah ka batur.
9. Buruk-buruk papan jati = najan gedé dosana ari dulur mah sok hayang nulungan.
10. Caina hérang laukna beunang = ngaréngsékeun perkara ku cara anu hadé teu matak tugenah.
11. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = lamun tuluy dipigawé tangtu bakal karasa hasilna. 12. Clik putih clak hérang, caang bulan opat belas = beresih haté, iklas, teu aya rasa keuheul atawa tugenah.
13. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawéan anu baku.
14. Gindi pikir belang bayah = goréng sangka atawa goréng haté ka batur.
15. Goong nabeuh manéh = ngagulkeun diri sorangan.
16. Hadé gogog hadé tagog = hadé omongan jeung tingkah laku.
17. Hadé tata hadé basa = hadé tingkah laku jeung hadé omongan.
18. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé = kahadéan anu loba leungit ku kagoréngan anu saeutik.
19. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat .= indung jeung bapa téh sumber kasenangan.
20. Jati kasilih ku junti = anu hadé kasilih ku nu goréng.
21. Kaciwit kulit kabawa daging = kababawa ku batur anu nyieun kasalahan
22. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunana. tapi mahi, aya hasilna.
23. Landung kandungan laér aisan = jembar pikiran atawa wijaksana dina nyanghareupan pasualan.
24. Lauk buruk milu mijah = pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur.
25. Lodong kosong sok ngelentrung = jalma anu loba omong élmuna saeutik.
Komentar
Posting Komentar