Nadran Poé Lebaran
Nadran Poé Lebaran
Nyaksian nu keur nadran, bisa jadi lamun dipikiran ku alam kiwari mah aya nu matak kerung atawa boa pikaseurieun. Dina poé lebaran, kolot-kolot di pilemburan umumna nganggap ‘wajib’ nadran di kuburan téh. Sapoé saméméh lebaran, rampé, daun pandan jeung kekembangan geus disiapkeun. Rampé bisana sok meuli ti warung. Piisukaneun lebaran mah di warung téh sok aya rampé beulieun. Ti peuting kénéh geus diajam, nadran téh rék ka makam aki jeung nu séjénna. Isuk-isuk kakara nyiapkeun cai dina kendi atawa dina botol. Henteu sagawayah cai deuih, tapi kudu anu geus dijiad heula ku kokolot lembur. Nu matak rebunrebun kénéh sok ngalabring ka imah kokolot lembur, rék ménta dipangmarancahankeun cai. Ké balik solat id disampeur deui Dina prak-prakanana, nu rék nadran naragog deukeut kuburan. Gereyem babacaan, tawasul, fatéhah, ngaji yasin, sarta sok tuluy dipungkas ku du’a. Réngsé ngadu’a, wur-wur rampé jeung kembang téh diawurkeun kana kuburan. Cur cai tina kendi. Geus kitu der ‘ngawangkong’ jeung kuburan. Maké jeung ngawanohkeun anak-incu sagala rupa. Mun aya kajadian nu patali jeung rajakaya titingal anu geus maot, sok dicaritakeun deuih. Kawas imah nu diruag, sawah anu digadékeun atawa dijual, atawa tanah anu geus dibagikeun ka anak-incu. Kitu deui, nu jadi kokolot nadran ilaharna sok nétélakeun ka anak-incu nu harita milu nadran, kuburan saha anu keur dijarahan téh, kumaha waktu keur hirupna, jeung sajabana. Nadran téh geus jadi kabiasaan urang Sunda ti jaman bihari kénéh. Dina buku Roesdi jeung Misnem karangan A.C. Deenik jeung Rd. Djajadiredja, aya bagian anu nyaritakeun nadran. Dicaritakeun Si Rusdi jeung bapana arindit ka kuburan bari mawa rampé, kembang, jeung cai dina kendi. Wur kekembangan téh diawurkeun kana makam terus dikucuran ku cai tina kendi. Gereyem ngadu’a. Dina kamus Sunda, nadran téh hartina ngembang, nyekar, jarah ka kuburan. Tapi di sawatara wewengkon mah nadran téh salah sahiji upacara adat basisir (di Cirebon jeung Subang). Méh sarua jeung “Ngarot” di Indramayu atawa “Badirian” di Majalengka. Dina mitologi urang Sunda baheula, nadran téh ngadu’a bari nyérénkeun sasajén, hasil tatanén, atawa sato beunang meuncit ka “karuhun”. Biasana éta upacara téh sok diémbohan ku pirang-pirang kasenian pikeun némbongkeun kagumbiraan nu milu upacara. Aya deui nu nétélakeun yén kecap nadran téh asalna tina nadra, nyaéta déwi anu nyangking roh manusa di alam kubur dina mitologi Hindu. Datang ka kuburan, ngadu’a sarta tuluy ngawurkeun kembang, tangtuna gé moal aya kabiasaan kitu téh di wewengkon Arab mah nu jadi pamiangan nyebarna agama Islam. Tong boroning nadran, dalah kuburan oge apan tara maké tutunggul-tutunggul acan di Arab mah. Sabab ceuk katerangan ti Rosul ogé, nu geus maot mah putus sakabéh hubunganana jeung jalma anu hirup, iwal ti tilu perkara, nyaéta; amal jariah, élmu anu mangpaat, jeung anak nu soléh. Ku kituna, lamun matalikeun nadran jeung jeung ajaran Islam, boaboa kaasup bid’ah. Tapi kapan Islam mah bisa tumuwuh di pakarangan budaya anu rupa-rupa. Budaya nu geus jadi ciri sabumi cara sadésa. Ari anu kasebutna budaya, najan mimitina aya pakaitna jeung momentum kaagamaan, laun-laun bisa luntur. Kawas kabiasaan nakol bedug mapag lebaran upamana, apan ayeuna mah geus mimiti langka. Nadran gé nya kitu. Boa dina hiji mangsa mah bakal ngiles tina kabiasaan urang Sunda. Tapi ku ayana nadran téh bisa jadi hiji panggeuing kana hal nu remen kapopohokeun, yén sakur jalma téh bakal maot.
Komentar
Posting Komentar