Ngahirupkeun Deui Kaulinan Barudak

 Ngahirupkeun Deui Kaulinan Barudak

Dunya barudak raket pisan jeung kaulinan. Teu sirikna ti barang borojol kénéh, budak téh geus diwanohkeun jeung rupaning cocooan. Ngan orokaya réa kolot anu méré cocooanana téh bari jeung teu nyaho kana kagunaan atawa mangpaatna. Dapon budak resep, atawa ngudag kana prahna baé ilaharna mah. rék pangaji  sabaraha-sabaraha baé ogé dibeuli. Nyaah ka budak alesnana mah. Usum tamiya, dipangmeulikeun tamiya. usum pépéstolan dipang-meulikeun pépéstolan. Usum rorobotan dipang-m e u l i k e u n r o r o b o t a n . Atuh budak gedé saeutik dipangmeulikeun PS (play station). Teu di kampung teu di kota kituna téh. Réréana cocooan anu dibikeun ka budak téh jieunan pabrik. rék tina palastik rék tina beusi. Ngan anu puguh teu saeutik cocooan anu kawas kitu téh mawa watek goréng kana tumuwuhna budak, pangpangna patali jeung kagunaanana dina ngahudang daya motorik jeung kasaimbangan uteukna. Kiwari mah geus langka aya budak anu ulin kolécér, panggal, bebedilan tina awi, gogolékan, empét-empétan, ker-keran, sanari, toléot, panggal, atawa jajangkungan. Padahal saméméh wawuh jeung kaulinan anu dijual di toko, budak téh asalna mah dalit jeung kaulinan lembur modél kitu. Di Kampung Bolang, Désa Cibuluh, Kacamatan Tangjungsiang, Subang, aya komunitas anu ngamekarkeun kaulinan barudak. Ngaranna Komunitas Hong. Diadegkeun ku Mohamad Zaini Alif dina bulan Juli 2003. Di Bandung ogé aya kantorna ieu komunitas téh, nyaéta di Jl. Bukit Pakar Utara No. 35. Minangka Pusat Kajian Mainan Rakyat Sunda, ieu komunitas téh leuwih cocog lamun disebut komunitas tempat ulin barudak. barudak dibéré kalaluasaan keur ulin, diajar nyieun cocooan, jsb. Hong téh kecap nu ilahar dikedalkeun ku barudak nu keur ucingucingan. Dina waktu 12 taun, Zaini nalungtik rupa-rupa kaulinan barudak. Ti mimiti cocooan nepi ka kaulinan anu ngagunakeun alat. Aya 120 kaulinan cenah anu geus kapanggih téh. Jumlah sakitu téh kakara ti wewengkon Sunda pakidulan wungkul. Kaulinan barudak sok disarebut ogé kaulinan rayat. Pangaruhna kana kamekaran budak gedé pisan. Salin ti keur hiburan, bisa ngasah rasa jeung kasaimbangan uteuk budak deuih. Éta kaulinan téh teu mikabutuh waragad anu gedé. Budak bisa nyieun ku sorangan. Bahana geus nyampak, kari daék ngamangpaatkeun barang-barang nu aya di lingkungan sabudeureun. Sawatara kaulinan gédé mangpaatna keur ngalatih kasaimbangan. jajangkungan upamana, atawa kelom batok. Ari hatong, celempung, jeung kekeprak, lian ti bisa keur hiburan, alus deuih keur ngalatih rasa. Nu teu maké alat cara Sursér atawa Paciwit-ciwit lutuk, hadé pikeun nyaimbangkeun uteuk kénca jeung katuhu tur ngalatih rasa barudak. Kitu deui kakawihan-kakawihan nu ilahar sok ditembangkeun dina kaulinan, mun dititénan ngandung harti anu jero kawas Pacici-cici putri, Paciwitciwit lutung, atawa Pérépét jéngkol. Tepi ka kiwari, Komunitas Hong téh anggotana 30 urang, ti mimiti budak kelas 1 SD tepi ka rumaja. Minangka salah sahiji kagiatanana, remen paméran, boh di Bandung boh di Jakarta. Saban paméran, Zaini minangka nu ngasuhna, sok ngerid barudakna nu 30 urang téa. Kitu deui sarupaning pakakas kaulinan sok diringkid ka tempat paméran. Rupaning kaulinan téh dipamérkeun. Sok diayakeun works shopna, cara-cara nyieun kaulinan jeung ngajual produk kaulinan. Pikeun anggota Komunitas Hong, ku remen milu paméran téh loba hikmahna. Lian ti nambahan pangalaman, éta kagiatan téh bisa ngadatangkeun panghasilan deuih. Ceuk Tatang Hérmanto, salah saurang anggota Komunitas Hong, saban paméran réa nu datang sarta resepeun kana cocooan anu dipamérkeun. Maraéhna aya urang Sunda, Cina, atawa turis ti manca nagara. Maranéhna loba anu mareuli cocooan. Hiji barang kaulinan téh hargana antara 15.000 – 25.000,-. Dina sapoé paméran téh cenah osok kajual antara 20 tepi ka 25 barang kaulinan. Aya kalana sok tepi ka béak teu nyésa. Hasil tina ngajual cocooan téh sok dibagikeun ka barudak. Sanggeus nalungtik rupaning kaulinan barudak sarta nyieun komunitas, Zaini boga rencana hayang nyieun museum kaulinan barudak. Nu geus mimiti dipigawéna nyaéta road show, nguruling ka mall-mall jeung ka sakola-sakola. Nu kawilang penting dipikiran nyaéta ka mana ngamalirkeun éta kaulinan, naha ka TK-TK upamana. Patali jeung mekarkeun usahana, kiwari Zaini keur tatahar nyieun pola industri kaulinan rayat di Subang. Kosépna basajan. Barudak arulin, geus kitu cocooanana ditampung ku Zaini, diropéa deui tuluy dijual. Duitna dibikeun ka maranéhna, naha keur nuluykeun sakola atawa keur mantuan kahirupan koltona. Produksina dijieun di imah séwangséwangan. Masarkeunana bisa ka Mall atawa dijual sorangan ku barudak. Sagédéngeun éta, kiwari Zaini ogé keur naratas nyieun Kampung Kolécér di lemburna, di Subang. Puguh baé keur ngahontal éta cita-cita butuh pangrojong, utamana waragad. Tapi manéhna ngasa yakin yén dina hiji mangsa kahayangna bisa tinekanan 

Komentar

Popular Gurur Garsel Berbagi