Sajarah Aksara Sunda
Sajarah Aksara Sunda
Anu dimaksud aksara Sunda kaganga téh nyaéta aksara Sunda hasil “standarisasi” anu geus ditetepkeun ku SK Gubernur Jawa Barat No. 434/Sk. 614-Dis.Pk/1999. Éta aksara téh dirarancang jeung disusun tina hasil ngabanding-banding akasara-aksara kuno nu geus dipaké ku urang Sunda ti abad ka-15 kénéh. Boh anu digunakeun keur nuliskeun aksara dina prasasti, boh nu digunakeun dina naskah-naskah lontar. Tangtu aksara Sunda ayeuna mah réngkolna teu sarua pisan jeung aksara Sunda kuno téa, da geus diropéa. Sajarahna mah kieu. Taun 1996, kaluar Peraturan Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 6 taun 1996, ngeunaan Pelestarian dan Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda. Lebah aksara, urang Sunda harita bingung, nya aksara mana anu kudu dipaké, lantaran wanda aksara di lingkungan urang Sunda téh rupa-rupa pisan. Justru anu loba digunakeun jeung dipikawanoh ku urang Sunda nepi ka harita téh nyaéta aksara cacarakan (hanacaraka), anu saenyana aksara ti Jawa. Kréasi urang Sunda dina aksara cacarakan téh cenah ukur 10%. Nya diayakeun lokakarya di Universitas Padjadjaran (Unpad) tanggal 27 Oktober 2007, pikeun muguhkeun nu kumaha nu disebut aksara Sunda baku téh. Lokakarya lain baé ngumpukeun bahan, nyarungsum, jeung muguhkeun wanda aksara Sunda, tapi ogé ngabakukeun (nyieun standarisasi). Hasilna disosialisasikeun, nepi ka ahirna dina taun 1999, aksara hasil standarisasi téh ditetepkeun ku SK Gubernur. Saterusna, hasil standarisasi téh tuluy diasupkeun kana révisi Perda No. 6/1996, anu tuluy jadi Perda No. 5 taun 2003. Nya ti harita aksara Sunda mimiti disebarkeun ka masarakat, sarta leuwih populer disarebut aksara kaganga. Éta Aksara Kaganga téh lain baé ditabeuh jeung diwanohkeun dina kongres atawa seminar, tapi ogé mimiti digunakeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana keur ngaran jalan, ngaran plang, ditulis dina kaos, dijieun kaligrafi, jeung sajabana. Bulan April taun 2008, aksara Sunda baku atawa anu disebut aksara kaganga téa téh ahirna dipaténkeun jeung didaftarkeun ka Unicode Internasional pikeun ditetepkeun jadi font dina komputer. Ku éta tarékah, kiwari urang bisa ngagunakeun aksara Sunda maké komputer. Tinggal dipilih font-na dina daftar font nu aya dina komputer urang. Tangtu baé, sangkan bisa digunakeun dina komputer font kaganga-na kudu diinstalkeun heula kana komputer urang.
Komentar
Posting Komentar