Bahasa Sunda kelas 6 Bab 3 Imah Awi Jatnika
A.
Maca Jero Haté
Pék baca ieu wacana!
Imah
Awi Jatnika
“Kahirupan
masarakat Indonesia, babakuna urang Sunda, teu bisa jauh tina budaya awi, ti
mimiti kaperluan keur bahan piimaheun nepi kadaharan. Aya 105 spésiés éndemik
asli awi nu kapanggih di Indonesia, 95 di antarana aya di Jawa Barat. Ngan
hanjakal, can réa masarakat nu bener-bener sadar kana pentingna awi, buktina
méh 1.000 héktar tangkal awi di Bogor dituar dina dangka lima taun
katompérnakeun.
”
Kitu numutkeun Jatnika Nanggamiharja. Jatnika téh kawéntar minangka ahlina dina
nyieun imah awi mah. Ti taun 1985 nepi ka ayeuna Jatnika geus ngawangun 3.000
leuwih imah awi. Aya 41 modél nu geus dimekarkeunana, kabéhanana nyoko kana
ciri wangunan tradisional Jawa Barat. Hak ciptana geus meunang patén dina taun
2006. Taun 2009, Jatnika narima panglélér ti Ikatan Arsiték Indonésia minangka
nu pangréana nyieun imah awi tradisional.Ti taun 1995 nepi ka ayeuna Jatnika
kapeto jadi Ketua Yayasan Bambu Indonésia.
Jatnika
lahir di Cikidang, Sukabumi, 2 Oktober 1956. Sohor lain ukur di sakuliah
Nusantara. Imah awi buatanana geus jadi komoditas ékspor. Di antarana Malaysia,
Brunéi, jeung Arab Saudi nu jadi tujuan éksporna téh. Lian ti imah, Jatnika ogé
ngawangun pasantrén, masjid jeung tajug tina awi deuih. Nu jadi impianana, imah
awi téh jadi ikonna Jawa Barat cenah.
Ti
keur SD kénéh, Jatnika mah geus biasa nganyam awi keur jualeun. Sabada tamat
kuliah di Akademi Pimpinan Perusahaan Jakarta taun 1981, Jatnika mimiti naratas
bisnis imah awi. Usahana tuluy nambahan mekar sabada ékspor munggaran ka Taiwan
dina taun 1985.
Nu
matak pikayungyuneun, sawaréh ladang usahana téh dimangpaatkeun deuih keur
program penghijauan. Jatnika melak awi di sisi walungan Ciliwung, Cisadané,
jeung Ciluwer. Malah di lemburna mah, Jatnika melak 10 héktar leuwih awi di
sisi walungan Cimandé. Awi-awi nu dipelakna téh lain baé keur nyegah érosi,
tapi leuwihna ti éta dipiharep bisa méré karaharjaan keur masarakat
sabudeureunana.
(Diropéatina
majalah Cupumanik April 2011)
B. Ngalisankeun
Jawaban
Pék jawab ku
hidep pertanyaan ieu di handap!
1. Saha tokoh nu
dicaritakeun téh?
2. Naha éta
jalma disebut tokoh nu manggihkeun modél imah?
3. Di Jawa Barat loba kebon awi,
geus dimangapaatkeun encan, sarta naon buktina?
4. Masarakat
Jawa Barat teu bisa jauh tina budaya awi, naha?
5. Naon
tujuanana tokoh Jatnika melak awi di lemburna téh?
6. Kumaha
karakter (watek) tokoh Jatnika téh?
7. Sebutkeun
barang naon baé anu bisa dijieun tina awi!
8. Sebutkeun
jenis-jenis alat kasenian nu dijieun tina awi!
9. Kumaha
koméntar hidep kana éta bacaan?
10. Sebutkeun nu hidep terang
tokoh-tokoh penemu lianna sarta naon nu dipanggihkeunana!
C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap
Pék baé ku hidep diskusikeun ieu kecap-kecap téh!
1. babakuna
2. dituar
3. kapeto
4. katompérnakeun
5. kawentar
6. munggaran
7. naratas
8. nyoko
9. panglélér
10. patén
Komentar
Posting Komentar