Bahasa Sunda Kelas 6 (Jalak Bali Rék Tumpur di Habitat Aslina)
Jalak Bali Rék Tumpur di Habitat Aslina
Jalak Bali atawa Curik Bali téh nyaéta manuk nu panjangna 25 cm. Manuk nu resep disada. Warna buluna bodas, mangrupa sato nu hirupna matuh di hiji tempat (éndemik) nu aya di Pulo Bali beulah kulon. Ieu manuk téh minangka sato éndemik Pulo Bali nu masih aya, sanggeus maung (harimau) Bali geus teu aya di kieuna. Ti mimiti taun 1991, sato nu kagolong kana katégori “kritis” téh digolongkeun jadi “fauna idéntitas” (maskot) di Provinsi Bali.
Dr. Baron Stressmann, ahli sato manuk urang Inggris nu pangheulana manggihan jalak Bali dina tanggal 24 Maret 1911. Manuk Jalak Bali babari katangén da boga ciri-ciri husus, saperti buluna bodas di sakujur awakna. Kajaba, tungtung buntutna jeung jangjangna warna hideung. Pipina mah taya buluan, warnana biru, sukuna warna abu-abu. Manuk jalu jeung bikang téh sarupa. Jalak Bali méh tumpur, béak. Nu masih kénéh bisa hirup di alam habitat asli ukur wewelasan baé. Ku kituna, Jalak Bali dilarang didagangkeun. Kajaba, manuk hasil usaha ngendogkeun, nganakkeun (penangkaran) ti turunan katilu. Jadi lain ti tempat hirupna di leuweung. Supaya Jalak Bali teu tumpur, geus diayakeun pusat “penangkaran”, nu salah sahijina tempatna di Buléléng Bali ti taun 1995. Kitu deui, di unggal kebon binatang di sakuliah dunya ngayakeun program “penangakaran” Jalak Bali.
Mikaweruh Kecap Sangaran
Dina bacaan saméméhna aya kecap jalak, anu nuduhkeun ngaran manuk. Kecap jalak téh tumerap ogé dina sesebutan jalak harupat. Jalak harupat téh hartina hayam anu alus aduna, warna buluna semu héjo. Pék baca ieu kalimah di handap!
• R. Oto Iskandar Dinata anu boga jujuluk Si Jalak Harupat téh kaasup pahlawan nasional.
Harti si jalak harupat dina éta kalimah mah nyaéta lalandian atawa sesebutan ka R. Oto Iskandar Dinata lantaran gedé wawanén dina nanjeurkeun bebeneran.
Dina kalimah ieu di handap aya kecap-kecap nu sarua wangunna, tapi hartina béda. Tengetan harti kecap nu dicitak miring dina ieu kalimah!
1. a. Méméh asup ka lapangan badminton téh, bébéja heula ka petugas jaga.
b. Jaga mah ieu tempat téh bakal kakeueum ku bendungan.
2. a. Lahan tanah téh teu acan pajeng diicalna.
b. Bu Guru nganggo pajeng ka sakola.
3. a. Kelas 6 teu jadi piknik ka Dupan téh.
b. Pelak suuk di kebon sakola geus jadi.
4. a. Murid-murid keur maca buku dongéng.
b. Penjaga sakola keur motong awi palebah bukuna.
5. a. Ukur, lapang poli téh sabaraha panjangna!
b. Sakolana ukur tamat SD.
Harti kecap:
1. a. jaga = petugas pikét b. jaga = waktu nu bakal datang
2. a. pajeng = payu b. pajeng = payung
3. a. jadi = tuluy b. jadi = tumuwuh
4. a. buku = kitab (sababaraha lambar kertas, dijilidan)
b. buku = sambungan antara dua ruas awi
5. a. ukur = ngukur pikeun nganyahokeun panjangna atawa legana
b. ukur = ngan, semet Téangan ku hidep kecap-kecap saperti conto di luhur, terus larapkeun dina kalimah.
Komentar
Posting Komentar