Bahasa sunda Kelas 6 (Maca sajak ngeunaan sasatoan )
Maca sajak ngeunaan sasatoan
Manuk Leutik dina Kurung
(Kénging: Ano K.)
Aya manuk dina régang silih témbalan.
Di buruan geus caang.
Susumputan dina daun Mani récét.
Taya nu ngaharu biru
Manuk piit, manuk kacamata.
Aya cangkurileung hiber ngabring bari disada luhur suhunan
Aya manuk dina kurung Uclag-aclog.
Ngagantung kurung dina gantungan di buruan
Manuk leutik uclag-aclog dina régang nyarumput jeung macokan hileud
Manuk leutik uclag-aclog noong langit tina kurung leutik dicetrékan dihéotan
Hayu urang ngajawab pertanyaan !
1. Naon anu dicaritakeun dina éta sajak téh?
2. Naon nu dimaksud ‘di buruan geus caang’?
3. Nu kumaha ari nu disebut ‘taya nu ngaharu biru’ téh?
4. Kumaha pamanggih hidep mun ningali manuk nu hirup bebas jeung manuk nu hirup di jero kurung? 5. Naon buktina yén hidep milu mikanyaah manuk?
Komentar
Posting Komentar