Bahasa Sunda Kelas 6 ( Ngawih )

  Ngawih 

Ngajembaran Pangajaran Saméméhna geus dipedar ngeunaan Penyu Héjo jeung Jalak Bali, dua sato anu méh tumpur. Upama hidep resep kana manuk, lain hartina kudu ngandangan dina kurung. Keun sina disarada, sina resepeun hiber jeung eunteup dina tangkal di buruan. Ieu di handap aya kawih ngeunaan manuk. Hayu urang kawihkeun!

Manuk Dadali 

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang 

Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang 

Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk 

Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna 

Gandang jeung perténgtang taya bandinganana 

Dipikagimir dipikasérab ku sasama 

Taya karémpan kasieun lébér wawanénna 

Manuk dadali manuk panggagahna 

Perlambang sakti Indonésia Jaya 

Manuk dadali pangkakoncarana Resep ngahiji rukun sakabéhna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri Silih pikanyaah teu inggis béla pati 

Manuk dadali ngandung siloka sinatria 

Keur sakumna bangsa di nagara Indonésia


Komentar

Popular Gurur Garsel Berbagi