Bahasa Sunda Kelas 6 ( Penyu Héjo)
Penyu Héjo
Penyu téh nyaéta kuya laut. Nurutkeun para ilmuwan, penyu téh geus aya ti ahir jaman jura (145-208 juta taun kaliwat) rék saumur jeung dinosaurus. Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé. Penyu jalu salilana hirup di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan. Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan. Penyu balingbing téh penyu nu panggedéna. Panjang awakna 2,75 m, beuratna 600 -900 kg. Penyu lekang pangleutikna, beuratna ukur 50 kg. Anu pangmindengna kapanggih mah penyu héjo. Kabeukina tutuwuhan jeung sato laleutik.
Penyu beuki lila beuki ngurangan. Malah, kiwati téh geus méh tumpur. Éta téh lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak. Upamana anak penyu kajaring ku pamayang (nelayan) atawa diala, terus diawétkeun, dijual keur kenang-kenangan. Di basisir pakidulan Jawa Barat sok aya kénéh nu ngala endog penyu keur jualeun, atawa keur konsumsi. Dina sakali ngendog aya 150-na. Tapi, ku sabab mindeng dicokotan lila-lila mah béak. Keur “pelestarian” penyu héjo hususna, sangkan penyu teu tumpur di sababaraha tempat di basisir laut kidul :di Batukaras, di Pangandaran, di Pangumbahan, di Cikepuh, kitu deui di Parigi geus diadegkeun Kelompok Penangkaran Biota Laut (KPBL). Éta kelompok téh ti taun 1983, geus ngamimitian programna di wilayahna. Kagiatan para anggotana ngumpulkeun endog penyu mapay-mapay basisir ti mimiti Batu Hiu nepi ka Bojong Salaut, saban tabuh sabelas peuting.
Sanggeus maca wacana "Penyu Héjo", jawab pertanyaan ieu di handap!
1. Rék naon penyu mucunghul ka luhureun beungeut cai?
2. Naon nu nyababkeun penyu teu tulus ngendogna di basisir?
3. Kumaha sikep hidep mun hiji waktu ningali anak penyu kajaring ku nelayan?
4. Salian ti penyu, naon deui sato nu geus langka di urang?
5. Kumaha tarékahna sangkan sasatoan nu ditataan ku hidep teu tumpur?
6. Kumaha pamanggih hidep mun nempo aya nu miara penyu nu dilindungi téa?
7. Naon maksud “kahirupan penyu geus krisis”?
8. Naon sababna krisis?
Komentar
Posting Komentar