Pangjajap Pikeun Kelas 6

Pangjajap Pikeun Kelas 6 angkatan 2025-2026 SDN 1 Jayamekar


Sampurasun.

Anaking, kadeudeuh Ibu/Bapak, Dinten ieu, haté bungah tur sedih karasana. Bungah ningal hidep geus lulus, siap mapag dunya nu jembar, Sedih  kudu papisah, sanggeus genep taun urang silih asah, silih asih, silih asuh di SDN 1 Jayamekar. Genep taun geus kasorang, Mugia naon nu diajarkeun di ieu sakola, jadi bekel hidep dina kahirupan.

Kiwari hidep bakal ngaléngkah ka sakola nu leuwih luhur, Pesan Ibu/Bapak, sing tetep jujur tur tekun dina ngatur waktu. Ulah ngan ukur ngudag pinter, tapi utamakeun budi pekerti nu luhur, Sabab jalma nu mangpaat, nyaéta jalma nu bageur ka sasama, hormat ka guru, sarta bakti ka Ibu-Bapa.

Sanajan hidep geus lain murid di ieu sakola, Silaturahmi kudu tetep dijaga, ulah nepika leungit. Do’a Ibu/Bapak bakal terus marengan, dina unggal léngkah hidep nu pait atawa amis, Mugia hidep sadaya jadi jalma nu mulya, ngahontal cita-cita nu dipikaharep ku hidep masing-masing. Pileuleuyan anaking, geura mapag harepan anyar, Sing jadi cahaya, sing jadi kabanggaan ibu rama, tatngga, nagara tur agama.









Link Youtube


Komentar

Popular Gurur Garsel Berbagi